Sangkuriang

Gunung Tangkuban Parahu dipercaya minangka parahu anu ditajong ku Sangkuriang

Sangkuriang atawa Sang Kuriang nyaéta dongéng atawa legénda anu asalna ti Tatar Sunda. Legénda kasebut nyaritakeun jadina situ Bandung, Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang sarta Gunung Bukit Tungul.

Tina legénda kasebut, urang bisa nangtukeun geus sabaraha lila urang Sunda hirup di dataran luhur Bandung. Dumasar kana legénda kasebut anu dirojong ku fakta géologi, katorah yén urang Sunda geus hirup di dataran ieu rébuan taun saméméh Al Masih.

Legénda Sangkuriang mimitina mangrupa talari lisan. Rujukan tulisan ngeunaan legénda ieu aya dina naskah Bujangga Manik anu ditulis dina daun palemlontar anu asalna ti ahir abad ke-15 atawa mimiti abad ke-16 Maséhi. Dina naskah kasebut ditulis yén Pangéran Jaya Pakuan nu boga landihan Pangéran Bujangga Manik atawa Ameng Layaran ngadatangan tempat-tempat suci agama Hindu di pulo Jawa sarta pulo Bali dina ahir abad ka-15.

Sanggeus ngalakonan lalampahan panjang, Bujangga Manik anjog ka tempat anu ayeuna jadi dayeuh Bandung. Manéhna jadi saksi mata anu mimiti nuliskeun ngaran tempat ieu anu mangrupa sasakala Sangkuriang. Laporanana nyaéta saperti kieu:

Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sasakala Sang Kuriang
Mangsa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy